Nu Loba Dosa
Ku : Kang Oni
KABAYAN jeung Lamsijan patingharuleng. Teuing keur mikiran naon. Duka harayang beunghar, duka hayang ngaganti pamajikan.
“Kade ulah kamalinaan patingharuleng teh!”
Kang Oni meupeuskeun hulengan Kabayan jeung Lamsijan.
“Aehhhhh…., Akang! Tah, kabeneran euy, Jan!” Kabayan curinghak.
“Enya…, sugan ku Akang mah. Meni asa bejad sirah ieu teh,” Lamsijan ngembohan, bari nyolongkrong ngajak sasalaman.
“Na aya naon atuh meni nepi ka jiga nu sarenewen kitu?” ceuk Kang Oni.
“Ieu Kang, biasa… Mang Nunuy. Lamun mere pertanyaan teh sok anu lain-lain wae,” tembal Kabayan.
“Ari teu dijawab…., maenya da pertanyaanna cetek. Ngan ari ditengetan deui, nu ditanyakeun teh matak mulek kana otak,” Lamsijan milu nandeskeun.
“Heueuh…., nanyakeun naon cenah Master Nunuy Oke teh?” ceuk Kang Oni.
“Eta lah… teu pira. Naon cenah anu panglobana dosa. Panon, uteuk, hate, atawa biwir?” Lamsijan ngebrehkeun pertanyaan Mang Nunuy Oke.
Kang Oni ukur nyerengeh.
“Naha ari Akang ngadon nyerengeh kitu?” ceuk Kabayan bari kerung.
“Eta ceuk iralaing, naon jawabanna?” Kang Oni kadon malik nanya.
“Mata!” tembal Kabayan.
“Lain, Kang…. Biwir ceuk uing mah!” ceuk Lamsijan.
“Naha?” Kang Oni malik nanya deui.
“Enya…, apan lolobana mah anu jadi pidosaeun teh awalna tina ninggali. Ninggali itu dicawad. Ninggali ieu dikomen…,” Kabayan mere alesan.
“Ah…ceuk uing mah biwir! Apan nyawad jeung ngomen mah lain ku mata, tapi ku biwir!” Lamsijan pengkuh kana pamadeganna.
“Nya…! Numatak ceuk uing ge sing garetol atuh indit ka pangajian. Jeung eta pertanyaan teh ulah dianggap enteng, euy!” tandes Kang Oni.
“Enya…, rumasa lah, Kang. Numatak sok atuh pangjawabkeun!” penta Lamsijan.
Kang Oni meni ateb nyeuseup haseup rokona. Teu lila, terus ngabamblam. Nurutan gaya motivator jeung ustadz anu sok remen aya di televisi ti dituna mah.
Kieu cenah. Ceuk para motivator MLM, hate teh anu nangtukeun nasib urang. Lamun hatena goreng, tanwande ucapan jeung prilakuna oge bakal goreng. Lamun geus kitu, apan teu saeutik jalma anu teu dipercaya batur alatan ucapan jeung kalakuanna. Bujeng-bujeng diajak bisnis, dalah ukur ngawangkong ge tara aya nu maturan.
Saestuna mah, dalil anu sok diparake ku para motivator teh nyumplik tina hadis Rosululloh SAW nu diriwayatkeun ku Bukhori. Kira-kira unina kieu : “Pikanyaho ku anjeun, saestuna dina jasad aya sagumpal daging. Lamun eta (sagumpal daging) alus, tanwande jasad na ge jadi alus. Jeung sabalikna lamun eta goreng, tanwande jasadna ge jadi goreng. Pikanyaho ku anjeun, yen eta sagumpal daging teh anu disebut ‘qolbu’, nyaeta hate”.
“Lamun kitu mah, atuh hate anu bakal pang lobana dosa teh, Kang? Kabayan nyidikeun.
“Enya, kitu pisan! Numatak urang kudu ngarti kana nu disebut hate. Sangkan urang bisa miarana. Apan saur Aa Gym ge : ‘Jagalah hati jangan kau nodai, jagalah hati lentera hidup ini’,” ceuk Kang Oni bari ngahaleuang gaya piring peupeus.
“Tah…tah…tah… Ari nu disebut hate teh naon atuh, Kang?” Lamsijan panasaran.
“Ngeunaan hate teh, mun teu salah, malah ditandeskeun ngaliwatan dalapan surah dina Al Qur’an. Surah Al Baqarah, Al Hajj, At Taubah, An Nahl, Al Ahza, Az Zumar, Al Fath, jeung Al Hujarat,” terang Kang Oni.
Umumna, ka dalapan surah Al Qur’an eta netelakeun ngeunaan “prilaku” hate. Naha disebut prilaku?
Dosen STAIN Curup, Bengkulu, Dr. Ahmad Dibul Amda, M.Ag, dina disertasina : “Qalbu dalam Al Qur’an”, netelakeun, numutkeun analisis hasil panalungtikanna yen anu dimaksud qalb (qalbu) dina Al Qur’an nyaeta ngandung harti batin anu sifatna katuhanan atawa rohaniyah.
Hakekat manusa teh “roh” anu ngahirupkeun manusa. Dingaranan qolbu alatan kaayaanna nu teu weleh usik, hirup, jeung aya dina jero jantung manusa. Eta anu jadi alatan jantung manusa terus enyut-enyutan.
Qalb ngandung sababaraha potensi jeung karakter atawa sifat. Contona, bisa nangkep harti hiji perkara satukangeun fakta. Mibanda rarasaan : senang, bagja, sedih, susah. Mibanda sifat-sifat : gumbira, hampuraan, tutulung, ambek, berehan, jeung nu sejenna. Qolbu oge bisa disebut boga kacerdasan anu sifatna deubeul. Nyaeta kacerdasan rasioanal jeung spiritual.
Dina Al Qur’an, qolbu disebut oge make istilah : shard, fu’ad, jeung lubb. Disebut shard, sabab qalbu mangrupakeun tempat kaluarna cahaya kaimanan tur kaislaman. Disebut fu’ad, sabab qalbu jadi tempat kaluarna ma’rifat ka Alloh SWT. Disebut lubb, sabab qalbu jadi tempat kaluarna katauhidan.
Ku kituna, numutkeun Ahmad Dibul Amda, qolbu atawa hate teh perlu dibina. Boh nyageurkeun panyakitna lamun hate teh gering. Oge ngabina kacerdasan jeung katenanganna. Sahingga hate weleh dina kaayaan sehat, prima tur fungsina luyu jeung potensina, sarta beuki cerdas.
“Tah kitu euy! Kaharti?” ceuk Kang Oni mungkas omonganna.
Kabayan jeung Lamsijan beuki kalerung.
“Nyeta….henteu Kang!” tembal Kabayan jeung Lamsijan kompak.
“Beu…..! Aing mah…, hanas ngabulek!” ceuk Kang Oni bari miceun kuntung rokona.***