ARI dipikir-pikir mah gening bet jadi asa awuntah. Enya, da ceuk kuring mah, wakil kades (wakades) teh teu kudu dititah dur der adu renyom.
Apan ceuk aturan ge kitu. Wakades teh ukur ban serep. Satungtung kades belejag tur taya halangan mah, wakades teu kudu hareup teuing. Bisi Off side.
Lebar! Acara ngadurenyomkeun calon wakades teh apan wargadna hanteu saeutik. Kari-kari, nyatana, kiwari loba keneh warga desa anu can ngarti cara milih kades jeung wakades teh kudu kumaha.
Komo lamun nengetan prak-prakanna. Henteu ari nyembutkeun ngalacapruk mah Cep Andi jeng Mang Auf teh. Ngan, duanana ge lolobana nyaritana bet kawas teu ngarti kana aturan.
Apan geus sidik. Numutkeun aturan desa, sok sanajan dipilihna sapaket kades jeung wakades, pancen wakades mah angger we ukur mantuan pagawean kades. Lain wakades kudu nyieun ide pagawean sorangan.
Ceuk aturan, pancen wakades ukur opat.
Kahiji. Pancen wakades teh maturan kades nalika ngalaksanakeun pancen-pancen kadesaan di desa deungeung-deungeun.
Nu kadua. Mantuan kades ngalaksanakeun pancen sapopoe. Ngajalankeun pancen kades lamun kades aya karerepet. Ngagantikeun kades lamun kalungguhan kades euweuh nu ngeusian ku alatan nu tangtu nu nyababkeun kades teu bisa ngajalankeun pancenna. Atawa alatan kades masrahkeun kalungguhan kakadesan (ngundurkeun diri), tilar dunya nalika nyepeng kalungguhan kades.
Katilu. Nengetan sacara husus, nampung sagala pasualan tur ngusahakeun tarekah nu perlu, nu aya patalina jeung pancen karaharjaan rahayat.
Nu kaopat. Nengetan pangwangunan operasional kalawan bantuan widang-widang.
Memang, aya eta ge wewenang wakades. Wewenang utamana aya opat mun teu salah mah.
Kahiji. Ngawakilan kades dina ngalaksanakeun pancen jeung kawajiba sarta wewenang kalungguhan kades ku leuwih ti heula meunang parentah atawa dibere kawasa ku kades (mandat).
Kadua. Minangka pembantu kades, wakades boga wewenang keur mantuan kades ngajalankeun aturan atawa ceuk bahasa legegna mah undang-undang.
Katilu. Minangka pangganti kades. Hartina wakades henteu deui disebut wakades, jeung teu ngarangkep kalungguhan.
Ngan wae, kawenangan nu katilu mah, apan kakara bisa dilaksanakeun nalika kades aya karerepet, ngundurkeun diri, atawa tilar dunya.
Nu kaopat. Ditengetan tina prak-prakkanna, nalika wakades dipenta ku sawatara urang kitu deui ku organisasi minangka anu ngomong atawa sakadar semah dina hiji acara, dina hal ieu hartina wakades ngalaksanakeun kagiatan sorangan tur teu merlukeun parentah atawa panyatuju ti kades.
Salain ti eta, wewenang lianna wakades aya tilu.
Ngalaksanakeun pancen teknis pamarentahan sapopoe. Nyusun agenda gawe pakakas desa jeung netepkeun fokus atawa prioritas kagiatan pamarentahan nu prak-prakanna dipertanggungjawabkeun ka kades. Tur, nyepeng kakawasaan pamarentahan numutkeun aturan-aturan dasar desa.
Jadi, teu aya hiji ge aturan anu nandeskeun, yen wakades kudu boga ide sewang-sewangan dina ngokolakeun pamarentahan. Pon kitu deui dina sual kawenangan. Teu meunang taktak leuwih luhur ti sirah.
Ieu deui, panitia adu renyom, ku saruana. Jiga nu hareueuh, deuleu. Der pamilon adu renyom make ditanya pamadegan lamun engke ngeus nyangking kalungguhan minangka wakades. Antukna jawabanna ge numutkeun pamanggih sewang-sewangan. Lain jawaban anu luyu jeng aturan perundang-undangan.
Ceuk Cep Andi, Udes (ujian desa) teh rek dileungitkeun. Ceuk Mang Auf, pamarentahan desa geus ngawangun infrastruktur langit.
Antukna Kang Dikdik Hendrajaya salah sangka. Panyana Kang Dikdik mah, meureun, nu dimaksud infrastruktur langit teh nyieun jalan tol (keur lalaki, da keur awewe mah lain eta meureun ngaranna) di awang-awang.
Padahal anu dimaksud ku Mang Auf mah eta teh dunya teknologi digital.
Ngan,…. ke… ke! Da ceuk kuring mah, salila ieu anu ngamekarkeun dunya teknologi digital teh justru pihak swasta. Asa can aya uget pamarentahan desa mah. Malah antukna pamarentah desa ukur bisa humaregung. Sabab ngabendung situs-situs anu teu pararuguh teh gening teu sagampang malikkeun dampal leungeun.
Kitu oge ngenaan Udes. Atuh lamun Udes dileungitkeun, pamarentahan desa moal boga alat keur ngukur kualitas dina ngokolakeun widang pangatikan. Udes lain kudu dileungitkeun. Tapi kudu dikokolakeun kalayan efektif tur efisien. Oge dilaksanakeun ku cara nu sajujur-jujurna. Sangkan pamarentahan desa bener-bener boga peta mutu pangatikan nu teu mencog, keur nangtukeun tarekah naon anu kudu dilaksanakeun ka hareup sangkan dunia pangatikan leuwih maju.
Nu ulah teh, hasil Udes dijadikeun alat keur “monis” kalulusan barudak sakola. Sabab eta mah teu beda jeung gadukeun Persidesrut (Persatuan Sepakbola Desa Jeruk Purut) ngawalawan Barcelona FC.
Enya, apan ari ngadukeun elmu jeung kaparigelan barudak anu sakolana di SMP Tarakanita Batawi jeung budak SMP di pilemburan desa urang ngaliwatan Udes mah atuh, sarua we jeung ngadukeun Persidesrut vs Barcelona FC. Lain alus. Tapi dolim ngaranna.
“Mikir atuh mikir!” kitu tah ceuk Cak Lontong mah.***